Intro :
|
Aya layung di cikore
Mun mun dibawa jiga kaca
Aya layung pasosore
Mun di tempo ruksak mata
|
Aa ka masjid jeung si Ujang rek
sholat magrib, anjeuna tuluy pendak sareng si Mincreng jeung rerencangana
|
|
Aa :
|
Wilujeng sonten Jang, eh
rek kamana atuh Jang ulin wae...
|
Ujang :
|
Kan bade ka masigit ari Aa
eh na kumaha. Hayu atuh sareng a.
|
Aa :
|
Ohh, muhun atuh hayu.
|
Kaleresan
di jalan maranehanana panggih jeung si Eneng sareng rerencangana.
|
|
Aa :
|
Keju awis nu ceu Lilis
Meni amis meni legit
Si Eneng mah meni geulis
Mun di gamis ka masigit
|
Eneng :
|
Lah. Si Aa bisa wae, itu
da rerencangan abi ge digamis berarti teu geulis atuh ?
|
Mincreng :
|
Heuheuh ah si Aa mah
kumaha atuh ka si Eneng wae..
|
Ujang :
|
Ari hoyong ka ciamis
Kudu bari mawa wajit
Ari hoyong kanu geulis
Kudu getol ka masigit
Tahh A sing getol atuh ka
masigit teh ulah belang betong wae
|
Teu lila
datang tukang beberesih di masjid anu rek sholat di masjid nyaeta si Enok
|
|
Mincreng :
|
A itu saha eung siga lain
orang dieu
|
Aa :
|
Ti jauh siga neng eulis
Dideukeutan mawa cau
Ti jauh mah asa geulis
Dideukeutan bararau
|
Eneng :
|
Ulah sok ngahina kitu A itu
teh si Enok eh babaturan urang, nya micreng ?
|
Mincreng :
|
Enya bener, da emang
kulawargi na mah tos teu mampu.
Aya jalma di wahangan
Anu keur meresan pare
Lamun hoyong dibageuran
Tangtu kudu silih mere
|
Ujang :
|
Ehh malah ngagarosip hayu sholat
ges adan caricing wae di luar
|
Adzan tanda
sholat magrib ngumandang. Sangges sarolat tuluy dzikir di masij sarta tadarus
heula.
|
|
Eneng :
|
Nok, nok. Tuh si Aa kunaon
seuseurian teu puguh.
Si aa meuli lomari
Mun ditenjo meni alus
Si aa sok sura seuri
Mun ditenjo beuki manis
|
Enok :
|
Jih nya duka, eta teh ker
nempokeun Eneng tuh da terpesona cenah.
|
Eneng :
|
Lahh maenya wae.
|
Enok :
|
Lamun urang meunang jodo
Pasti bakal mikabogoh
Lamun urang henteu bodo
Pasti bakal boga kabogoh
Tos ah ayeuna mah diajar
heula sing pinter lain waktuna.
|
Eneng :
|
Ehh enya atuh meh sukses
engkena.
Sing sering ka karanganyar
Lamun bisa marawa es
Sing rajin heula diajar
Lamun hoyong jadi sukses
|
Sangges solat
jeung tadarus, panggih deui di teras masjid.
|
|
Ujang :
|
Tuh A geus peuting, itu
maenya awewe baralik eweh nu maturan ngke sarieuneun.
Lamun boga cau nu amis
Pasti bakal loba milik
Lamun boga awewe nu geulis
Pasti bakal loba nu nyulik
|
Aa :
|
Eh, enya nyah ke atuh hehe
sakalian wang anterkeun sampekeun ka imah.
|
Enok :
|
A, maenya moal dianterkeun
teh. Tuh cek si Eneng ge hayu atuh a, kade nya dugi ka bumina si Eneng, ehh
kana pantona weh, ehh atanapi kalebetna ge.
Meuli aci di kawali
Nyokotna ku nu digawe
Balik peuting teh pamali
Komo deui jeung awewe
|
Eneng :
|
Si Enok nya nanahaonan
ulah kitu ah isin
|
Enok :
|
Eh tong sok kitu, jug tuh
jeung si Aa
|
Aa :
|
Nu gareulis make gamis
Laleumpang siga eraeun
Eneng eneng nu gareulis
Yuk ku aa dianterkeun
Hayu gareulis dianterkeun
ku Aa sareng si Ujang
|
Friday, May 25, 2018
Dialog Basa Sunda SISINDIRAN Ngeunaan MASIGIT
Subscribe to:
Post Comments
(
Atom
)
No comments :
Post a Comment