Pages

Showing posts with label Basa Sunda. Show all posts
Showing posts with label Basa Sunda. Show all posts

Monday, September 9, 2019

Dongeng Basa Sunda "Dalem Boncél"


Dalem Boncél
Dalem Boncél téh Bupati Caringin, Banten. Kacaturkeun, harita anjeunna nuju moyan di taman kadaleman. Teu lila jol aya pangiringna, laporan.
“Aya naon, euy?” ceuk Dalem Boncél.
Pangiringna ngajawab, “Aya tamu, Juragan. Ngangkenna ti Kandang Wesi. Saurna anjeunna nuju milari putrana anu jenenganana Boncél.”
“Naon?”
Kacida reuwasna Dalem Boncél téh. Gancang baé muru ka padaleman, nepungan tamuna. Ari bréh, nyampak aki-aki jeung nini-nini. Kaciri ti lemburna téh. Papakéan kacida basajanna. Awak geus kacida rangkebongna, tayohna lantaran hirup sangsara. Mamawa buntelan butut, teuing naon eusina.
Ras dalem boncél kana lalakon hirupna. Manéhna baheula kabur ti lembur, lantaran teu betah dicarékan baé ku dununganana nu sok nitah ngarit.  Batan ngabatin, manéhna tuluy indit, teu bébéja-bébéja acan ka kolotna nu hirupna kacida sangsarana. Susuganan di lembur batur pinanggih jeung kasenangan.
Kaburna nepi ka Cianjur. Dalem Boncél digawé jadi tukang beberesih istal, alias kandang kuda, kagungan Juragan Kapala. Lantaran dalit jeung budak Juragan Kapala, tur disina ngabaturan mun keur diajar, Dalem Boncél nepi ka bisa maca jeung nulis. Malah bisa nyieun surat sagala.
Nempo kapinteranana, Juragan Kapala ngangkat Dalem Boncél jadi juru tulis. Dasar nasib kudu mujur, karirna tuluy nanjak, jadi kapala gudang, jadi patih, malah antukna jadi dalem di Caringin.
“Ke, ke, ke...,” kitu gerentes Dalem Boncél. “Bisa jadi ieu téh indung bapa aing nu baheula ditinggalkeun. Tapi lamun aing ngaku yén ieu téh indung bapa aing, beu nya rék disimpen di mana ieu beungeut. Meureun ceuk batur téh, Dalem anu majar ménak, horéng anak jalma susah ti lembur. Cilaka!”
Ari Si Aki jeung Si Nini, barang nempo raray Dalem Boncél, geus teu sak deui, mun éta teh enya anakna. Nu matak, Si Nini langsung ngarontok, “Ujaaang, anak Ema!”
Tapi sakilat Dalem Boncél ngagiwar. Pokna teugeug, “Héh Nini, Aki, nya saha maranéh téh? Wani-wani rék ngarontok  déwék? Déwék téh dalem, nyaho!”
Si Aki jeung Si Nini colohok, teu sangka dalem rék kasar kitu. Pok Si Aki nyarita leuleuy, “Kasép. Sanajan Bapa lila teu panggih, da asa moal kapalingan tetempoan, mun hidep téh putra Bapa jeung Ema!” Dalem Boncél ngarérét ka pangiringna anu colohok mata simeuteun. Harga dirina asa dihina. Pokna sugal, “Aki, di mana teuing aya dalem boga kolot sangsara modél maranéh. Ayeuna indit, indiiiitt! Teu sudi aing boga kolot kawas aranjeun!”
Bari nalangsa, Si Aki jeung Si Nini ninggalkeun padaleman. Rét deui rét deui ka Dalem Boncél, nu ngabedega nulak cangkéng. Duka ngaléos ka mana Si Aki jeung Si Nini téh, da ku Dalem Boncél teu dipaliré deui.
Meureun asa kalepasan omong, ti poé ka poé Dalem Boncél jadi loba nguyung. Awakna beuki begung, da kana barang dahar ogé kurang. Antukna brek gering, diriung-riung ku para pangiring. Tina kulitna, bijil késrék, nyaksrak ka saawak-awak jeung ateul kabina-bina.
Waktu geringna beuki parna, taya deui nu disambat iwal indung jeung bapana, anu boa aya di mana. “Ema, Bapa,  abdi hampura...!”

Dongeng Basa Sunda "Putri Uyah"


Putri Uyah
Jaman baheula aya Raja Sepuh nu kacida welas asihna ka pala putrana. Ari putrana aya tilu, kabéhanana ogé awéwé. Hiji mangsa, Raja ngangkir putra-putrana sina ngariung, masamoan di karaton jeung kulawadetna. Ku Raja éta anak-anakna téh rék ditanya soal kanyaahna ka manéhna.
Sanggeus kabéh ngariung, Raja mimiti nanya ka anak-anakna saurang-saaurang. Mimitina nu ditanya téh anakna nu bungsu.
Ceuk Raja, “Nyai, cing nyarita. Sakumaha kanyaah Nyai ka Ama téh?”
Putri bungsu ngajawab, “Ah, Ama. Kanyaah abdi ka Ama euweuh babandinganana.”
“Ih, sebutkeun wé siga kumaha kanyaah Nyai ka Ama téh, ulah asa-
asa.”
“Dina aya babandinganana ogé, tangtu éta babandingan téh moal bisa nandingan kanyaah abdi ka Ama.”
“Teu lumrah, piraku teu bisa dibandingkeun jeung nanaon mah,” témbal Raja.
Putri Bungsu ngahuleng. Heuleut sajongjongan, pok manéhna nyarita deui. “Kieu waé atuh Ama. Upami keukeuh kedah aya babandinganana, kanyaah abdi ka Ama téh lir ibarat kanyaah abdi ka  panon abdi nyalira.”
“Tah, sukur atuh. Nuhun, katarimakeun pisan kanyaah Nyai ka Ama téh,” ceuk Raja.
Rét Raja ka Putri Pangais Bungsu. Tuluy sarua ditanya soal kanyaahna ka manéhna.
Témbal Putri Pangais Bungsu, “Kanyaah abdi ka Ama, sapertos kanyaah abdi ka panangan abdi nyalira.”
Raja imut, ngarasa sugema ku jawaban anakna nu pangais bungsu. Tuluy rét deui manéhna ka Putri Cikal, sarta tuluy nepikeun deui pertanyaan siga tadi, nanyakeun sakumaha gedéna kanyaah Putri Cikal ka manéhna.
Ari ceuk Putri Cikal, “Kanyaah abdi ka Ama, teu bénten sareng uyah....”
Barang ngadéngé éta omongan, Raja reuwas kacida, sarta langsung némpas omongan Putri Cikal, “Aéh-aéh, Nyai. Henteu salah éta téh? Piraku nyaruakeun Ama jeung uyah, teu siga adi-adi manéh. Naha euweuh deui keur babandinganana?”
“Sumuhun, teu aya deui. éta gé kénging abdi mikir lami pisan,” témbal Putri Cikal.
Raja tuluy benduna, nyarékan Putri Cikal laklak dasar, nepi ka Putri Cikal téh diusir ti karaton, lantaran dianggap teu bisa mulang tarima ka kolot sorangan. Dihalang-halang ku Praméswari ogé, Raja keukeuh teu mikeun Putri Cikal cicing di karaton, sarta nitah gandékna sina mawa Putri Cikal ka leuweung.
Putri Cikal dianteur ku gandék indit ka leuweung. Sajajalan gawéna ngan ceurik baé, inget ka ibu ramana, tur teu nyangka ramana nu welas asih téga ngusir manéhna, sina hirup sosoranganan di leuweung. Sanggeus nepi ka tengah leuweung, Putri Cikal ditinggalkeun, apruk-aprukan sakaparan-paran. Daharna ukur bongborosan nu kapanggih di jajalaneun. Mun peuting naék kana tangkal, nyelapkeun manéh dina dahan kai, da bisi diganggu ku sato galak.
Hiji mangsa Putri Cikal nempo aya cahaya nyay-nyayan di jauhna. Geuwat ku manéhna diburu. Horéng éta cahaya téh datangna ti saung leutik di tengah leuweung téa. Geuwat Putri Cikal keketrok, maksud hayang milu ngarereb di jero saung.
Barang pantona muka, horéng pribumi anu boga saung téh jajaka anu rupana kasép kacida. Puguh Putri Cikal kacida reuwasna. Sanggeus mancakaki, horéng éta jajaka téh sarua anak raja nu nasibna ogé sarua jeung Putri Cikal, diusir ti karaton.
Antukna Putri Cikal jeung éta Jajaka hirup bareng ngababakan, nepi ka rarabina.
Kacaturkeun, Raja ramana Putri Cikal téa, ngersakeun indit ka leuweung arék bubujeng. Inditna dibarengan ku sababaraha urang pangawal. Asruk-asrukanana jarambah pisan, nepi ka raja téh kasarung di tengah leuweung teu manggihan jalan balik.
Sanggeus ka ditu ka dieu teu manggih jalan, Raja jeung rombonganan nempo aya babakan di tengah leuweung. Geuwat bae disampeurkeun, da puguh poé beuki nyedek ka burit. Maksud Raja téh rék milu ngarereb di éta saung. Saenyana, éta babakan téh milik Putri Cikal jeung carogéna téa.
Rombongan téh ku Putri Cikal dijamu sakumaha mistina ka Raja. Diperenahkeun kulemna, disayagikeun tuang leueutna. Ngan barang keur dahar, Raja téh siga nu kurang mirasa.
Ku Putri Cikal geuwat ditanya, “Gusti, ku naon tuang sapertos teu mirasa?”
Témbal Raja, “Pelemna mah pelem tuangeun salira téh Nyai. Mung asa teu karaos uyahna ieu téh.”
Putri Cikal nyarita deui bari imut, “Hapunten abdi, Gusti. Ngahaja ku abdi téh sadaya katuangan teu diuyahan, kumargi abdi terang pisan pangersa Gusti henteu resep kana uyah.”
Ngadéngé éta caritaan, Raja ngahuleng sajongjongan. Ras anjeunna inget ka Putri Cikal nu baheula diusir ti karaton, lantaran nyaruakeun  kanyaahna kana uyah. Raja tuluy nelek-nelek beungeut pribumi nu awéwé. Ana gebeg téh, teu sak deui. Awéwé pribumi nu keur ngaladénan manéhna téh horéng Putri Cikal nu salila ieu nandangan kasangsaraan di leuweung alatan diusir ku manéhna.
Raja teu kawawa nangis sarta tuluy ngarangkul Putri Cikal, bari pokna, “Aduh Nyai, hampura Ama. Ayeuna mah kahartos ku naon Nyai ngabandingkeun kanyaah Nyai ka Ama téh sapertos uyah. Ama geus lepat ngahartikeunana. Ti semet ayeuna, Nyai ulah leuleuweungan deui. Hayu milu balik jeung Ama, cicing di karaton deui sareng carogé Nyai.”
Isukna, rombongan Raja, dibarengan ku Putri Cikal jeung carogéna, mulang ka karaton. Di karaton diayakeun hajat gedé, mapag Putri Cikal sakalian ngistrénan carogéna janten raja, ngagentos ramana nu tos sepuh.

Dongeng Basa Sunda "Paménta Tilu Rupa"


Paménta Tilu Rupa
Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carékna dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan. Ari pagawéanana sok buburuh ngangon domba batur. Sanajan digawéna kacida getolna, tapi hasilna teu kungsi mahi, jajauheun kana cukup. Da puguh ukur buburuh. Ari buruhanana dina sataun téh paré 50 geugeus, ditambah ku bekel dahareun mun rék ngangon.
Demi dununganana jalma beunghar kacida. Tapi korétna kabina- bina, jaba licik. Ka pangangon téh ngan minteran baé. Saupama anu ngangon domba rék ngangon ka pangangonan, dibekelanana téh ngan sangu baé jeung uyah sambel. Arang langka pisan dibéré deungeun sangu anu ngareunah.
Mun geus usum panén, nu ngangon téh dibéré paré buruhanana téa. Tapi paréna téh dipilihan anu gambrang pisan. Atuh barang dijual téh hargana teu sakumaha. Teu mahi pikeun meuli baju-baju acan. Munasabah baé mun tukang angon téh papakéanan geus rubat-rabét, siga nu gélo baé.
Sakali mangsa éta tukang ngaon téh gering nepi ka teu bisa ngangon. Tapi, ku dununganana téh teu diurus. Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon, ka dununganana ménta kadaharan. Tapi batan méré mah dununganana kalah nyarékan. Majar téh, “Can digawé geus hayang ménta dahar!”
Antukna éta tukang ngangon téh musapir. Manéhna prihatin liwat saking   sarta ngenes di jero haténa. Beurang peuting manéhna neneda hayang bisa cara deungeun-deungeun, teu kurang hakaneun teu kurang pakéeun. Ku tina nyeri haté, manéhna tuluy miceun manéh ka leuweung, teu dahar teu nginum.
Barang geus meunang sababaraha poé manéhna kasaréan ti beurang, handapeun tangkal kai. Ari hudang bet manggih batu tilu siki. Kawas muncang, baruleud, sarta laleucir. Teu kira-kira manéhna kagéteunana. “Na saha anu neundeun ieu batu téh, da tadi mah euweuh?” pokna.
Sabot kitu kadéngé aya sora euweuh rupa, “Ujang, ku sabab manéh sakitu prihatinna, ayeuna paménta manéh dikabulkeun. Manéh meunang ménta tilu rupa. Pék rék ménta naon baé ogé. Dina sakali ménta éta batu kudu dialungkeun hiji!”
Tukang ngangon liwat saking atoheunana. “Nuhun Gusti, nuhun!” pokna bari nyembah-nyembah.
Ti dinya tukang angon tuluy balik ka lemburna. Sajajalan teu weléh imut sura-seuri sorangan bari mikiran rék ménta naon. Ceuk gerentes  haténa, “Kahiji aing rék ménta beunghar. Kadua rék ménta jadi raja. Lantaran beunghar ogé ari teu agung mah  tara dihargaan. Katiluna aing rék ménta loba anak, sangkan bisa nuluykeun raja jeung kabeungharanana.”
Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar. Tapi tuluy kapikir rék ménta duit baé. Da mun téa mah tuluy dibéré kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da kudu dijual heula. Ari boga duit mah apan hayang naon baé gé bisa. Tapi manéhna kacalétot ngomong. Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli. Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli. Mani kawas tunggul anu pinuh ku lémbér.
Tukang angon gogoléran ceurik, awahing ku gila nénjo awak sorangan. Handeueuleun deuih, pédah paméntana anu kahiji geus mubadir. Barang geus leler, manéhna mikir deui. Ceuk gerentesna, “Ah keun baé henteu tulus jadi raja ogé, henteu boga anak loba ogé, asal jadi beunghar wé. Tapi ceuli nu matak pikagilaeun téh kudu leungit heula!”
Keleweng manéhna ngalungkeun deui batu anu kadua, sarta ménta sangkan ceuli anu rimbil dina awakna leungit kabéh. Les baé ceuli téh leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Tukang angon kacida bungaheunana sarta niatna rék ati-ati pisan dina nepikeun paménta anu katilu.
Tapi ras manéhna inget kana ceulina anu dua. Ari dicabak, bet milu leungit. Puguh baé kagéteunana tukang angon. Atuh ngan hing deui baé manéhna ceurik. Leuwih nyeri batan anu tadi, sabab paméntana ngan kari hiji deui.
“Kumaha ayeuna aing? Lamun ménta beunghar meureun aing jadi jalma tanpa daksa, teu boga ceuli. Lamun ménta didatangkeun deui ceuli, aing meureun angger malarat.”
Sanggeus bingung mikiran nasib, bet datang ilham tina pikirna anu beresih. “Leuwih hadé aing ménta didatangkeun deui dua ceuli anu asal, da ceuk kolot ogé apan awak anu walagri, sehat bari jagjag waringkas, leuwih utama batan kakayaan. Sarta saéstuna jalma anu beunghar téh nyaéta jalma anu narima kana kulak canggeum bagja. Narima kana takdirna. Kawas aing, da geus milikna jadi jalma malarat, euweuh sisit beunghar, nya rék ditarimakeun baé. Hanas éta teu boga dahareun, pakéeun, nya rék ihtiar baé, da awak lengkep kénéh, tanaga gedé. Mending néangan baé dunungan anu bageur!” pokna.

Pengertian Dongeng dan Ciri-cirinya dalam Bahasa Sunda


Dongeng nyaeta karya sastra anu mangrupa carita rekaan atawa khayal dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.
Ciri khas carita anu aya dina dongeng nyaeta mangrupa carita rekaan atawa khayal anu biasana pamohalan atawa teu asup kana akal jeung loba bohongna. Tapi kusabab caritana sok pamohalan jeung loba bohongna, dongeng sok dipikaresep ku barudak. Kukituna carita nu aya dina dongeng sok dieusian oge ku atikan anu penting pikeun dijadikeun pieunteungeun atawa picontoeun keur barudak.
Tradisi dongéng téh aya di mamana. Méh unggal bangsa boga dongéng séwang-séwangan. éta dongéng téh diwariskeun turun-tumurun ti karuhun ka generasi nu leuwih ngora, mangtaun-taun, malah boa mangabad-abad. Kabiasaan ngadongéng lain baé jadi alat keur ngahibur atawa keur kalangenan, tapi nu utamana mah dongéng téh ngawariskeun ajén-inajén. Dongéng biasana ngawariskeun hiji naséhat, malah mandar jadi eunteung dina kahirupan. Malah di sawatara wewengkon mah, dongéng téh ngahaja diciptakeun. Dijieun carita anyar atawa dijieun film. Ari maksudna mah sarua, ngajarkeun naséhat anu hadé.
Dina pakumbuhan urang Sunda, ogé kapanggih rupa-rupa dongéng. Umumna éta dongéng téh nyebar sacara lisan ti generasi ka generasi. Lantaran éta dongéng anu warna-warni téh sok tuluy didongéngkeun deui, antukna sok muncul rupa-rupa vérsi. Contona baé, dongéng ngeunaan Prabu Siliwangi atawa ngeunaan Sangkuriang téh sok kapanggih di sawatara tempat. Biasana sok dipatalikeun jeung kaayaan atawa  kabiasaan di hiji tempat.
Ka dieunakeun aya nu pirajeunan nyatet-nyatetkeun dongéng, tuluy dikumpulkeun dina wangun buku. Tapi éta dongéng téh tetep hirup dina tradisi lisan. Sok dipasanggirikeun, atawa didongéngkeun deui ku indung atawa ku bapa, atawa ku Ibu jeung Bapa Guru, ka barudakna atawa ka siswa di sakola.
Yus Rusyana, ahli carita lisan, ngabagi-bagi dongéng téh kieu:
a.       Dongéng nu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung dina sajarahna. Upamana dongéng para raja, para putri, para nabi, para wali, tukang tani, tukang dagang, jeung sajabana. Dongéng nu kieu sok disebut ogé parabel.
b.      Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan, saperti kuya, monyét, peucang, tutut, maung, séro, munding, manuk, jeung sajabana. Dongéng nu kieu sok disebut ogé fabel.
c.       Dongéng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan. Dongéng nu kieu disebutna dongéng  sasakala atawa legénda.
d.      Dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptan (hayalan), bangsaning jurig jeung siluman. Dongéng nu kieu sok disebut ogé dongéng   mitos.
Ciri-ciri Dongéng aya dina tabel dihandap ieu :

Nepi ka kiwari urang sok nyaksian kénéh aya jalma anu sok ngadongéng. Boh keur tujuan lulucon, atawa keur kaperluan pasanggiri. Aya nu langsung di hareupeun balaréa, ngaliwatan radio atawa televisi, atawa dirékam jeung diunggah (up-load) kana internét. éta téh cara-cara ngaéksprésikeun dongéng.
Dina ngaéksprésikeun dongéngna téh sakapeung bari dibarengan ku pepeta, lajag-léjég, atawa sok diémbohan ku gambar atawa bonéka jeung parabot séjénna. Urang nu ngabandunganana sok resep jeung kataji. Asa kahibur.
Nu matak urang jadi resep, lantaran nu maca atawa nu ngadongéng téh maké téhnik, nyaéta téhnik ngadongéng. Da sasat lamun ngadongéngna sajalantrahna, atawa ukur maca wungkul, tangtu moal pikaresepeun.
Ceuk Elin Sjamsuri dina buku Dongéng Aki Guru, sarat suksés ngadongéng téh di antarana:
a.       Kudu apal kana lalakon. Sakapeung kudu tapis improvisasi lamun pareng poho kana lalakonna.
b.      Kudu ngabogaan téhnik vokal anu hadé, utamana dina ngarobah- robah sora tokoh-tokoh dongéng.
c.       Kudu apal suasana dongéng. Upamana suasana pilemburan, pileuweungan, karaton, jeung sajabana.
d.      Kudu maké éksprési anu merenah, boh dina pasemon, lentong, peta, jeung réngka.

Contoh dongeng :
1. Dalem Boncel
2. Putri Uyah
3. Pamenta Tilu Rupa

Sumber :
Sumarsono, Tatang. Dkk. 2014. Pamekar Diajar Basa Sunda. Kurikulum 2013. Bandung

Tuesday, November 20, 2018

Dialog Basa Sunda Sisindiran Ngeunaan "Nguseup Belut"

Nguseup Belut

Dina hiji poe, Astri jeung Mia keur arulin di saung sawah. Didinya Mia ningali aya barudak duaan anu keur naronggeng digalengan sawah bari gumasep.
Astri (Fina)      :
ke.. ke...
Hayu cuang babarengan
Nongton ronggeng di mang Asep
Itu saha digalengan
Keur nonggeng bari gumasep

Mia (Trie)        :
ih enya gening aya jalmi. Cuang sampeurkeun yu, kira-   kira saha nya?
Astri (Fina)       :
Hayu
Kusabab panasaran Mia jeung Astri nyampeurkeun dua pamuda eta.

Astri (Fina)        :
kee... asa kenal geuning. Ih eta mah si Dadan(Fikri)   jeung si Ucup(Wizdan)

Dadan (Fikri)    :
Eh neng Astri.. (bari semu gumasep)
Mia (Trie)         :
Dadan.. Ucup na didinya keur naraon tunggang-tonggeng digalengan sawah?
Ucup (Wizdan) :
Itu mani loba haseup
Haseup keur nyieun kaluah
Ieu Ucup nuju nguseup
Nguseup belut, belut sawah
Dadan (Fikri)    :
Aya naon ka nyi ileu
Gutak-gitek diburuan
Aya naon rek kadieu
Gutak-gitek duduaan
Mia (Trie)         :
Dayang Sumbi mani geulis
Meuli kueh, kueh ape
Hayang meuli anu amis
Nu keur usum dina hape
Ucup (Wizdan) :
Aeh aeh naha hayang nu amis teh jol ka sawah atuh
Astri (Fina)        :
Ari ema meuli marjan
Ngan abi mah henteu resep
Ari niat hayang jajan
Ngan keur inget kanu kasep
Mia jeung Dadan               :
Cieeee... kiw kiw
Ucup (Wizdan)  :
Penontonnn.... penontonnn.. waler ulah? Cing yeuh ku si kasep cuang waler.
Aceng teh meuli nu amis
Gumasep ningal neng iceu
Neng geulis mani manis
Si kasep aya didieu
Mia (Trie)         :
Adi abi ical ali
Keur mang Asep meuli huut
Abdi mah karek ningali
Kasep-kasep nguseup belut
Dadan (Fikri)    :
Itu saha nu keur papang
Bari mawa mawa pare
Itu saha nu keur leumpang
Bari mawa sapu nyere
Ucup (Wizdan) :
Dan kabur dan indung urang datang.. (bari ngaburiak)
Dadan (Fikri)    :
Halah siah geus kabur-kabur.
Indung Ucup (Salma)             :
Dititah balik ku ayah
Kalah indit ka cipesut
Dititahna meuli uyah
Kalah indit nguseup belut
Dieu siah budak, ema ngadadago geus puguh keur masak
Mun indit ka Cimari
Sok hese pas di Citatah
Mun budak jaman kiwari
Sok hese dititah-titah
Bener teu penontonnn.... dasar budak jaman now




Friday, May 25, 2018

Dialog Basa Sunda SISINDIRAN Ngeunaan MASIGIT

Intro              :
Aya layung di cikore
Mun mun dibawa jiga kaca
Aya layung pasosore
Mun di tempo ruksak mata
          Aa ka masjid jeung si Ujang rek sholat magrib, anjeuna tuluy pendak sareng si Mincreng jeung rerencangana
Aa                 :
Wilujeng sonten Jang, eh rek kamana atuh Jang ulin wae...
Ujang            :
Kan bade ka masigit ari Aa eh na kumaha. Hayu atuh sareng a.
Aa                 :
Ohh, muhun atuh hayu.
          Kaleresan di jalan maranehanana panggih jeung si Eneng sareng rerencangana.
Aa                 :
Keju awis nu ceu Lilis
Meni amis meni legit
Si Eneng mah meni geulis
Mun di gamis ka masigit
Eneng           :
Lah. Si Aa bisa wae, itu da rerencangan abi ge digamis berarti teu geulis atuh ?
Mincreng     :
Heuheuh ah si Aa mah kumaha atuh ka si Eneng wae..
Ujang            :
Ari hoyong ka ciamis
Kudu bari mawa wajit
Ari hoyong kanu geulis
Kudu getol ka masigit
Tahh A sing getol atuh ka masigit teh ulah belang betong wae
          Teu lila datang tukang beberesih di masjid anu rek sholat di masjid nyaeta si Enok
Mincreng     :
A itu saha eung siga lain orang dieu
Aa                 :
Ti jauh siga neng eulis
Dideukeutan mawa cau
Ti jauh mah asa geulis
Dideukeutan bararau
Eneng           :
Ulah sok ngahina kitu A itu teh si Enok eh babaturan urang, nya micreng ?
Mincreng     :
Enya bener, da emang kulawargi na mah tos teu mampu.
Aya jalma di wahangan
Anu keur meresan pare
Lamun hoyong dibageuran
Tangtu kudu silih mere
Ujang            :
Ehh malah ngagarosip hayu sholat ges adan caricing wae di luar
          Adzan tanda sholat magrib ngumandang. Sangges sarolat tuluy dzikir di masij sarta tadarus heula.
Eneng           :
Nok, nok. Tuh si Aa kunaon seuseurian teu puguh.
Si aa meuli lomari
Mun ditenjo meni alus
Si aa sok sura seuri
Mun ditenjo beuki manis
Enok             :
Jih nya duka, eta teh ker nempokeun Eneng tuh da terpesona cenah.
Eneng           :
Lahh maenya wae.
Enok             :
Lamun urang meunang jodo
Pasti bakal mikabogoh
Lamun urang henteu bodo
Pasti bakal boga kabogoh
Tos ah ayeuna mah diajar heula sing pinter lain waktuna.
Eneng           :
Ehh enya atuh meh sukses engkena.
Sing sering ka karanganyar
Lamun bisa marawa es
Sing rajin heula diajar
Lamun hoyong jadi sukses
          Sangges solat jeung tadarus, panggih deui di teras masjid.
Ujang            :
Tuh A geus peuting, itu maenya awewe baralik eweh nu maturan ngke sarieuneun.
Lamun boga cau nu amis
Pasti bakal loba milik
Lamun boga awewe nu geulis
Pasti bakal loba nu nyulik
Aa                 :
Eh, enya nyah ke atuh hehe sakalian wang anterkeun sampekeun ka imah.
Enok             :
A, maenya moal dianterkeun teh. Tuh cek si Eneng ge hayu atuh a, kade nya dugi ka bumina si Eneng, ehh kana pantona weh, ehh atanapi kalebetna ge.
Meuli aci di kawali
Nyokotna ku nu digawe
Balik peuting teh pamali
Komo deui jeung awewe
Eneng           :
Si Enok nya nanahaonan ulah kitu ah isin
Enok             :
Eh tong sok kitu, jug tuh jeung si Aa
Aa                 :
Nu gareulis make gamis
Laleumpang siga eraeun
Eneng eneng nu gareulis
Yuk ku aa dianterkeun
Hayu gareulis dianterkeun ku Aa sareng si Ujang