Dongeng nyaeta karya sastra anu mangrupa carita
rekaan atawa khayal dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa,
nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun nyaeta dongeng jeung
carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita
pondok atawa carpon.
Ciri khas carita anu aya dina dongeng nyaeta
mangrupa carita rekaan atawa khayal anu biasana pamohalan atawa teu asup kana
akal jeung loba bohongna. Tapi kusabab caritana sok pamohalan jeung loba
bohongna, dongeng sok dipikaresep ku barudak. Kukituna carita nu aya dina
dongeng sok dieusian oge ku atikan anu penting pikeun dijadikeun pieunteungeun
atawa picontoeun keur barudak.
Tradisi dongéng téh aya di mamana. Méh unggal bangsa
boga dongéng séwang-séwangan. éta dongéng téh diwariskeun turun-tumurun ti
karuhun ka generasi nu leuwih ngora, mangtaun-taun, malah boa mangabad-abad.
Kabiasaan ngadongéng lain baé jadi alat keur ngahibur atawa keur kalangenan,
tapi nu utamana mah dongéng téh ngawariskeun ajén-inajén. Dongéng biasana
ngawariskeun hiji naséhat, malah mandar jadi eunteung dina kahirupan. Malah di
sawatara wewengkon mah, dongéng téh ngahaja diciptakeun. Dijieun carita anyar
atawa dijieun film. Ari maksudna mah sarua, ngajarkeun naséhat anu hadé.
Dina pakumbuhan urang Sunda, ogé kapanggih rupa-rupa
dongéng. Umumna éta dongéng téh nyebar sacara lisan ti generasi ka generasi.
Lantaran éta dongéng anu warna-warni téh sok tuluy didongéngkeun deui, antukna
sok muncul rupa-rupa vérsi. Contona baé, dongéng ngeunaan Prabu Siliwangi atawa
ngeunaan Sangkuriang téh sok kapanggih di sawatara tempat. Biasana sok
dipatalikeun jeung kaayaan atawa
kabiasaan di hiji tempat.
Ka dieunakeun aya nu pirajeunan nyatet-nyatetkeun
dongéng, tuluy dikumpulkeun dina wangun buku. Tapi éta dongéng téh tetep hirup
dina tradisi lisan. Sok dipasanggirikeun, atawa didongéngkeun deui ku indung
atawa ku bapa, atawa ku Ibu jeung Bapa Guru, ka barudakna atawa ka siswa di
sakola.
Yus Rusyana, ahli carita lisan, ngabagi-bagi dongéng
téh kieu:
a. Dongéng nu nyaritakeun kahirupan jalma di
masarakatna jeung dina sajarahna. Upamana dongéng para raja, para putri, para
nabi, para wali, tukang tani, tukang dagang, jeung sajabana. Dongéng nu kieu
sok disebut ogé parabel.
b. Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan, saperti
kuya, monyét, peucang, tutut, maung, séro, munding, manuk, jeung sajabana.
Dongéng nu kieu sok disebut ogé fabel.
c. Dongéng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat,
barang, sasatoan, jeung tutuwuhan. Dongéng nu kieu disebutna dongéng sasakala atawa legénda.
d. Dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptan (hayalan),
bangsaning jurig jeung siluman. Dongéng nu kieu sok disebut ogé dongéng mitos.
Ciri-ciri
Dongéng aya dina tabel dihandap ieu :
Nepi ka kiwari urang sok nyaksian kénéh aya jalma
anu sok ngadongéng. Boh keur tujuan lulucon, atawa keur kaperluan pasanggiri.
Aya nu langsung di hareupeun balaréa, ngaliwatan radio atawa televisi, atawa
dirékam jeung diunggah (up-load) kana internét. éta téh cara-cara
ngaéksprésikeun dongéng.
Dina ngaéksprésikeun dongéngna téh sakapeung bari
dibarengan ku pepeta, lajag-léjég, atawa sok diémbohan ku gambar atawa bonéka
jeung parabot séjénna. Urang nu ngabandunganana sok resep jeung kataji. Asa
kahibur.
Nu matak urang jadi resep, lantaran nu maca atawa nu
ngadongéng téh maké téhnik, nyaéta téhnik ngadongéng. Da sasat lamun
ngadongéngna sajalantrahna, atawa ukur maca wungkul, tangtu moal pikaresepeun.
Ceuk Elin Sjamsuri dina buku Dongéng Aki Guru, sarat
suksés ngadongéng téh di antarana:
a. Kudu apal kana lalakon. Sakapeung kudu tapis
improvisasi lamun pareng poho kana lalakonna.
b. Kudu ngabogaan téhnik vokal anu hadé, utamana dina
ngarobah- robah sora tokoh-tokoh dongéng.
c. Kudu apal suasana dongéng. Upamana suasana
pilemburan, pileuweungan, karaton, jeung sajabana.
d. Kudu maké éksprési anu merenah, boh dina pasemon,
lentong, peta, jeung réngka.
Contoh dongeng :
1. Dalem Boncel
2. Putri Uyah
3. Pamenta Tilu Rupa
Contoh dongeng :
1. Dalem Boncel
2. Putri Uyah
3. Pamenta Tilu Rupa
Sumber
:
Sumarsono,
Tatang. Dkk. 2014. Pamekar Diajar Basa
Sunda. Kurikulum 2013. Bandung
No comments :
Post a Comment