Paménta Tilu Rupa
Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat
rosa. Carékna dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan. Ari pagawéanana sok
buburuh ngangon domba batur. Sanajan digawéna kacida getolna, tapi hasilna teu
kungsi mahi, jajauheun kana cukup. Da puguh ukur buburuh. Ari buruhanana dina
sataun téh paré 50 geugeus, ditambah ku bekel dahareun mun rék ngangon.
Demi dununganana jalma beunghar kacida. Tapi korétna
kabina- bina, jaba licik. Ka pangangon téh ngan minteran baé. Saupama anu
ngangon domba rék ngangon ka pangangonan, dibekelanana téh ngan sangu baé jeung
uyah sambel. Arang langka pisan dibéré deungeun sangu anu ngareunah.
Mun geus usum panén, nu ngangon téh dibéré paré
buruhanana téa. Tapi paréna téh dipilihan anu gambrang pisan. Atuh barang
dijual téh hargana teu sakumaha. Teu mahi pikeun meuli baju-baju acan.
Munasabah baé mun tukang angon téh papakéanan geus rubat-rabét, siga nu gélo
baé.
Sakali mangsa éta tukang ngaon téh gering nepi ka
teu bisa ngangon. Tapi, ku dununganana téh teu diurus. Barang geus cageur sarta
keur mamayu, ngan can kaduga ngangon, ka dununganana ménta kadaharan. Tapi
batan méré mah dununganana kalah nyarékan. Majar téh, “Can digawé geus hayang
ménta dahar!”
Antukna éta tukang ngangon téh musapir. Manéhna
prihatin liwat saking sarta ngenes di
jero haténa. Beurang peuting manéhna neneda hayang bisa cara deungeun-deungeun,
teu kurang hakaneun teu kurang pakéeun. Ku tina nyeri haté, manéhna tuluy
miceun manéh ka leuweung, teu dahar teu nginum.
Barang geus meunang sababaraha poé manéhna kasaréan
ti beurang, handapeun tangkal kai. Ari hudang bet manggih batu tilu siki. Kawas
muncang, baruleud, sarta laleucir. Teu kira-kira manéhna kagéteunana. “Na saha
anu neundeun ieu batu téh, da tadi mah euweuh?” pokna.
Sabot kitu kadéngé aya sora euweuh rupa, “Ujang, ku
sabab manéh sakitu prihatinna, ayeuna paménta manéh dikabulkeun. Manéh meunang
ménta tilu rupa. Pék rék ménta naon baé ogé. Dina sakali ménta éta batu kudu
dialungkeun hiji!”
Tukang ngangon liwat saking atoheunana. “Nuhun
Gusti, nuhun!” pokna bari nyembah-nyembah.
Ti dinya tukang angon tuluy balik ka lemburna.
Sajajalan teu weléh imut sura-seuri sorangan bari mikiran rék ménta naon. Ceuk
gerentes haténa, “Kahiji aing rék ménta
beunghar. Kadua rék ménta jadi raja. Lantaran beunghar ogé ari teu agung
mah tara dihargaan. Katiluna aing rék
ménta loba anak, sangkan bisa nuluykeun raja jeung kabeungharanana.”
Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta
beunghar. Tapi tuluy kapikir rék ménta duit baé. Da mun téa mah tuluy dibéré
kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da kudu dijual heula. Ari boga
duit mah apan hayang naon baé gé bisa. Tapi manéhna kacalétot ngomong. Maksudna
hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli. Barang keleweng téh batu
dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli. Mani kawas tunggul anu pinuh
ku lémbér.
Tukang angon gogoléran ceurik, awahing ku gila nénjo
awak sorangan. Handeueuleun deuih, pédah paméntana anu kahiji geus mubadir.
Barang geus leler, manéhna mikir deui. Ceuk gerentesna, “Ah keun baé henteu
tulus jadi raja ogé, henteu boga anak loba ogé, asal jadi beunghar wé. Tapi
ceuli nu matak pikagilaeun téh kudu leungit heula!”
Keleweng manéhna ngalungkeun deui batu anu kadua,
sarta ménta sangkan ceuli anu rimbil dina awakna leungit kabéh. Les baé ceuli
téh leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Tukang angon kacida bungaheunana
sarta niatna rék ati-ati pisan dina nepikeun paménta anu katilu.
Tapi ras manéhna inget kana ceulina anu dua. Ari
dicabak, bet milu leungit. Puguh baé kagéteunana tukang angon. Atuh ngan hing
deui baé manéhna ceurik. Leuwih nyeri batan anu tadi, sabab paméntana ngan kari
hiji deui.
“Kumaha ayeuna aing? Lamun ménta beunghar meureun
aing jadi jalma tanpa daksa, teu boga ceuli. Lamun ménta didatangkeun deui
ceuli, aing meureun angger malarat.”
Sanggeus bingung mikiran nasib, bet datang ilham
tina pikirna anu beresih. “Leuwih hadé aing ménta didatangkeun deui dua ceuli
anu asal, da ceuk kolot ogé apan awak anu walagri, sehat bari jagjag waringkas,
leuwih utama batan kakayaan. Sarta saéstuna jalma anu beunghar téh nyaéta jalma
anu narima kana kulak canggeum bagja. Narima kana takdirna. Kawas aing, da geus
milikna jadi jalma malarat, euweuh sisit beunghar, nya rék ditarimakeun baé.
Hanas éta teu boga dahareun, pakéeun, nya rék ihtiar baé, da awak lengkep
kénéh, tanaga gedé. Mending néangan baé dunungan anu bageur!” pokna.
No comments :
Post a Comment