Pages

Tuesday, December 13, 2016

Teks Auto Biografi Basa Sunda



Jenengan simkuring Muhammad Raihan Indraguna, nenehna Raihan. Tempat kaping gumelar simkuring nyaeta di Ciamis 16 Januari 2001. Simkuring teh ti desa Sukasenang, dusun Sindangmukti, Panumbangan. Namung, ayeuna nuju nungtut elmu di SMA ieu janten simkuring ngekos di desa Lembur Situ. Jenengan pun biang Wahyuni padamelanana ngajar di SLB Panumbangan. Jenengan pun rama Ateng Indraguna padamelanana wiraswasta. Simkuring opat sadulur, simkuring anu pang ageungna, pun adi anu ka hiji namina Aisyah Widuri sakola di SD 2 Sindangmukti nembe kelas tilu, nu ka dua namina Muhammad Wildan Indraguna sami sakolana di sd eta mung ieu mah nembe kelas dua, nu ka tilu namina Wahid Hasyim Indraguna anu ieu mah teu acan lebet sakola kumargi nembe opat taun.
Simkuring kalebet anu pangjangkungna ti batan pun biang sareng pun rama. Simkuring ngagaduhan rambut hideung kandel, panon coklat semu kahideungan, sareng awak jangkung. Upama di bumi, simkuring mah sok ngaheureuyan adi simkuring, dugi ka di carekan ku pun biang. Upama di sakola mah sok heureuy sareng babaturan, sok aya wae nu pikaseurieuna. Simkuring mah teu resep lamun kamar atawa bumi pabalatak janten kadang sok dipiwarang ku pun biang beberes kamar ngarah berseka.
Simkuring lebet tk umur 4 satengah taun di TK Mekar Tanjung, di tkna 2 taun. Sdna di SD 2 Sindangmukti. Smpna di SMP 1 Panumbangan. Sareng ayeuna nuju nungtut elmu di SMA 2 Ciamis. Simkuring teh ngagaduhan cita-cita hoyong janten dosen. Namung, janten dosen naon-naon na mah teu acan ditangtukeun kusabab masih bingng keneh hoyong lebet jurusan naon.
Di SD kelas 6 simkuring pernah janten pinunjul ka 1 nilai UN pangluhurna di sd simkuring. Sareng SMP na pernah janten nilai UN pangageungna ka dua dina pelajaran IPA. Ayeuna simkuring niat hoyong diajar bener pikeun jadi pinunjul sareng tiasa ngahontal cita-cita anu dipikahoyong ku simkuring.