Pages

Sunday, March 13, 2016

Contoh Biantara Basa Sunda Tentang Kebudayaan

Assalamualaikum Wr. Wb.
    Bismillahirrohmanirrohim
    Ibu guru anu ku simkuring dipihormat, rerencangan kelas 9A anu ku simkuring dimulyakeun sinareng dibanggakeun.
    Puji sinareng syukur hayu urang sanggahkeun ka gusti Allah anu maha suci, margi urang sadaya tiasa kempel dina ieu waktos. Solawat sinareng salam mugia dilimpah curahkeun ka junjungan alam kanjeng Nabi Muhammad SAW. Mudah-mudahan dugi ka para sohabatna, para tabi’in tabi’atna tur dugi ka urang sadayana anu nganut ka mantena.
    Ibu sinareng rerencangan sadaya, simkuring bade nepikeun perkawis “Perluna Ngamumule Basa Sunda”. Basa teh mangrupa jandela dunya. Kitu deui basa sunda, anu mangrupa salah sahiji tina bagean budaya di Indonesia. Basa mibanda oge basa batin nu tiasa mangaruh kanggo unggal jalma nu nganggona, tos janten pasifatan urang sunda nu handap asor, someah hade ka semah, tur someah ku margi kenging pangaruh tina basa sunda anu diangge sadidintena.
Namung hanjakal pisan dina jaman kiwari, sawatara anu aranom sunda tos ampir hilap kana basa warisan luluhurna. Teu sadar laun-laun mah, basa nu kapungkur dipikareueus sarta di agul-agul teh, bakal ilang tina kahirupan urang nu aya di tatar sunda. Seueur jalmi sunda, nu kirang ngahargaan kana basana sorangan. Atanapi teu tiasa ngalarapkeunnana.
    Miara sareng ngamumule basa sunda teh kacida peryogina. Utamina dina komunikasi sadidinten. Sawadina saupamina di sakola-sakola, dilingkungan tatar sunda, ngawajibkeun ka para siswana kanggo ngagunakeun basa sunda di sadidintenna. Diwajibkeun  para siswa teh kanggo ngagunakeun basa sunda nu luyu saaturan. Sigana teh upama dikitukeun mah, para siswa teh bakal kahudang ati sanubarina kanggo miara sareng ngamumule basana sorangan tur apal kana budaya kasundaan.
    Dina waktos ieu simkuring ngajak ka rerencangan ngamumule budaya basa sunda. Bade kusaha deui atuh basa sunda teh dipiara sareng dimumulena, upami sanes ku urang sadaya mah.
    Sakitu anu kapihatur, hapunten boh bilih dina cumarios tadi teh aya kalepatan kecap nu teu mernah kana manah mugia tiasa dihapunten.
    Wassalamuaalaikum Wr.Wb.

No comments :

Post a Comment