Pages

Monday, September 9, 2019

Pengertian Dongeng dan Ciri-cirinya dalam Bahasa Sunda


Dongeng nyaeta karya sastra anu mangrupa carita rekaan atawa khayal dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun nyaeta dongeng jeung carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.
Ciri khas carita anu aya dina dongeng nyaeta mangrupa carita rekaan atawa khayal anu biasana pamohalan atawa teu asup kana akal jeung loba bohongna. Tapi kusabab caritana sok pamohalan jeung loba bohongna, dongeng sok dipikaresep ku barudak. Kukituna carita nu aya dina dongeng sok dieusian oge ku atikan anu penting pikeun dijadikeun pieunteungeun atawa picontoeun keur barudak.
Tradisi dongéng téh aya di mamana. Méh unggal bangsa boga dongéng séwang-séwangan. éta dongéng téh diwariskeun turun-tumurun ti karuhun ka generasi nu leuwih ngora, mangtaun-taun, malah boa mangabad-abad. Kabiasaan ngadongéng lain baé jadi alat keur ngahibur atawa keur kalangenan, tapi nu utamana mah dongéng téh ngawariskeun ajén-inajén. Dongéng biasana ngawariskeun hiji naséhat, malah mandar jadi eunteung dina kahirupan. Malah di sawatara wewengkon mah, dongéng téh ngahaja diciptakeun. Dijieun carita anyar atawa dijieun film. Ari maksudna mah sarua, ngajarkeun naséhat anu hadé.
Dina pakumbuhan urang Sunda, ogé kapanggih rupa-rupa dongéng. Umumna éta dongéng téh nyebar sacara lisan ti generasi ka generasi. Lantaran éta dongéng anu warna-warni téh sok tuluy didongéngkeun deui, antukna sok muncul rupa-rupa vérsi. Contona baé, dongéng ngeunaan Prabu Siliwangi atawa ngeunaan Sangkuriang téh sok kapanggih di sawatara tempat. Biasana sok dipatalikeun jeung kaayaan atawa  kabiasaan di hiji tempat.
Ka dieunakeun aya nu pirajeunan nyatet-nyatetkeun dongéng, tuluy dikumpulkeun dina wangun buku. Tapi éta dongéng téh tetep hirup dina tradisi lisan. Sok dipasanggirikeun, atawa didongéngkeun deui ku indung atawa ku bapa, atawa ku Ibu jeung Bapa Guru, ka barudakna atawa ka siswa di sakola.
Yus Rusyana, ahli carita lisan, ngabagi-bagi dongéng téh kieu:
a.       Dongéng nu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung dina sajarahna. Upamana dongéng para raja, para putri, para nabi, para wali, tukang tani, tukang dagang, jeung sajabana. Dongéng nu kieu sok disebut ogé parabel.
b.      Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan, saperti kuya, monyét, peucang, tutut, maung, séro, munding, manuk, jeung sajabana. Dongéng nu kieu sok disebut ogé fabel.
c.       Dongéng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan. Dongéng nu kieu disebutna dongéng  sasakala atawa legénda.
d.      Dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptan (hayalan), bangsaning jurig jeung siluman. Dongéng nu kieu sok disebut ogé dongéng   mitos.
Ciri-ciri Dongéng aya dina tabel dihandap ieu :

Nepi ka kiwari urang sok nyaksian kénéh aya jalma anu sok ngadongéng. Boh keur tujuan lulucon, atawa keur kaperluan pasanggiri. Aya nu langsung di hareupeun balaréa, ngaliwatan radio atawa televisi, atawa dirékam jeung diunggah (up-load) kana internét. éta téh cara-cara ngaéksprésikeun dongéng.
Dina ngaéksprésikeun dongéngna téh sakapeung bari dibarengan ku pepeta, lajag-léjég, atawa sok diémbohan ku gambar atawa bonéka jeung parabot séjénna. Urang nu ngabandunganana sok resep jeung kataji. Asa kahibur.
Nu matak urang jadi resep, lantaran nu maca atawa nu ngadongéng téh maké téhnik, nyaéta téhnik ngadongéng. Da sasat lamun ngadongéngna sajalantrahna, atawa ukur maca wungkul, tangtu moal pikaresepeun.
Ceuk Elin Sjamsuri dina buku Dongéng Aki Guru, sarat suksés ngadongéng téh di antarana:
a.       Kudu apal kana lalakon. Sakapeung kudu tapis improvisasi lamun pareng poho kana lalakonna.
b.      Kudu ngabogaan téhnik vokal anu hadé, utamana dina ngarobah- robah sora tokoh-tokoh dongéng.
c.       Kudu apal suasana dongéng. Upamana suasana pilemburan, pileuweungan, karaton, jeung sajabana.
d.      Kudu maké éksprési anu merenah, boh dina pasemon, lentong, peta, jeung réngka.

Contoh dongeng :
1. Dalem Boncel
2. Putri Uyah
3. Pamenta Tilu Rupa

Sumber :
Sumarsono, Tatang. Dkk. 2014. Pamekar Diajar Basa Sunda. Kurikulum 2013. Bandung

No comments :

Post a Comment