Pages

Friday, May 25, 2018

Dialog Basa Sunda SISINDIRAN Ngeunaan MASIGIT

Intro              :
Aya layung di cikore
Mun mun dibawa jiga kaca
Aya layung pasosore
Mun di tempo ruksak mata
          Aa ka masjid jeung si Ujang rek sholat magrib, anjeuna tuluy pendak sareng si Mincreng jeung rerencangana
Aa                 :
Wilujeng sonten Jang, eh rek kamana atuh Jang ulin wae...
Ujang            :
Kan bade ka masigit ari Aa eh na kumaha. Hayu atuh sareng a.
Aa                 :
Ohh, muhun atuh hayu.
          Kaleresan di jalan maranehanana panggih jeung si Eneng sareng rerencangana.
Aa                 :
Keju awis nu ceu Lilis
Meni amis meni legit
Si Eneng mah meni geulis
Mun di gamis ka masigit
Eneng           :
Lah. Si Aa bisa wae, itu da rerencangan abi ge digamis berarti teu geulis atuh ?
Mincreng     :
Heuheuh ah si Aa mah kumaha atuh ka si Eneng wae..
Ujang            :
Ari hoyong ka ciamis
Kudu bari mawa wajit
Ari hoyong kanu geulis
Kudu getol ka masigit
Tahh A sing getol atuh ka masigit teh ulah belang betong wae
          Teu lila datang tukang beberesih di masjid anu rek sholat di masjid nyaeta si Enok
Mincreng     :
A itu saha eung siga lain orang dieu
Aa                 :
Ti jauh siga neng eulis
Dideukeutan mawa cau
Ti jauh mah asa geulis
Dideukeutan bararau
Eneng           :
Ulah sok ngahina kitu A itu teh si Enok eh babaturan urang, nya micreng ?
Mincreng     :
Enya bener, da emang kulawargi na mah tos teu mampu.
Aya jalma di wahangan
Anu keur meresan pare
Lamun hoyong dibageuran
Tangtu kudu silih mere
Ujang            :
Ehh malah ngagarosip hayu sholat ges adan caricing wae di luar
          Adzan tanda sholat magrib ngumandang. Sangges sarolat tuluy dzikir di masij sarta tadarus heula.
Eneng           :
Nok, nok. Tuh si Aa kunaon seuseurian teu puguh.
Si aa meuli lomari
Mun ditenjo meni alus
Si aa sok sura seuri
Mun ditenjo beuki manis
Enok             :
Jih nya duka, eta teh ker nempokeun Eneng tuh da terpesona cenah.
Eneng           :
Lahh maenya wae.
Enok             :
Lamun urang meunang jodo
Pasti bakal mikabogoh
Lamun urang henteu bodo
Pasti bakal boga kabogoh
Tos ah ayeuna mah diajar heula sing pinter lain waktuna.
Eneng           :
Ehh enya atuh meh sukses engkena.
Sing sering ka karanganyar
Lamun bisa marawa es
Sing rajin heula diajar
Lamun hoyong jadi sukses
          Sangges solat jeung tadarus, panggih deui di teras masjid.
Ujang            :
Tuh A geus peuting, itu maenya awewe baralik eweh nu maturan ngke sarieuneun.
Lamun boga cau nu amis
Pasti bakal loba milik
Lamun boga awewe nu geulis
Pasti bakal loba nu nyulik
Aa                 :
Eh, enya nyah ke atuh hehe sakalian wang anterkeun sampekeun ka imah.
Enok             :
A, maenya moal dianterkeun teh. Tuh cek si Eneng ge hayu atuh a, kade nya dugi ka bumina si Eneng, ehh kana pantona weh, ehh atanapi kalebetna ge.
Meuli aci di kawali
Nyokotna ku nu digawe
Balik peuting teh pamali
Komo deui jeung awewe
Eneng           :
Si Enok nya nanahaonan ulah kitu ah isin
Enok             :
Eh tong sok kitu, jug tuh jeung si Aa
Aa                 :
Nu gareulis make gamis
Laleumpang siga eraeun
Eneng eneng nu gareulis
Yuk ku aa dianterkeun
Hayu gareulis dianterkeun ku Aa sareng si Ujang

No comments :

Post a Comment