Pages

Tuesday, November 20, 2018

Dialog Basa Sunda Sisindiran Ngeunaan "Nguseup Belut"

Nguseup Belut

Dina hiji poe, Astri jeung Mia keur arulin di saung sawah. Didinya Mia ningali aya barudak duaan anu keur naronggeng digalengan sawah bari gumasep.
Astri (Fina)      :
ke.. ke...
Hayu cuang babarengan
Nongton ronggeng di mang Asep
Itu saha digalengan
Keur nonggeng bari gumasep

Mia (Trie)        :
ih enya gening aya jalmi. Cuang sampeurkeun yu, kira-   kira saha nya?
Astri (Fina)       :
Hayu
Kusabab panasaran Mia jeung Astri nyampeurkeun dua pamuda eta.

Astri (Fina)        :
kee... asa kenal geuning. Ih eta mah si Dadan(Fikri)   jeung si Ucup(Wizdan)

Dadan (Fikri)    :
Eh neng Astri.. (bari semu gumasep)
Mia (Trie)         :
Dadan.. Ucup na didinya keur naraon tunggang-tonggeng digalengan sawah?
Ucup (Wizdan) :
Itu mani loba haseup
Haseup keur nyieun kaluah
Ieu Ucup nuju nguseup
Nguseup belut, belut sawah
Dadan (Fikri)    :
Aya naon ka nyi ileu
Gutak-gitek diburuan
Aya naon rek kadieu
Gutak-gitek duduaan
Mia (Trie)         :
Dayang Sumbi mani geulis
Meuli kueh, kueh ape
Hayang meuli anu amis
Nu keur usum dina hape
Ucup (Wizdan) :
Aeh aeh naha hayang nu amis teh jol ka sawah atuh
Astri (Fina)        :
Ari ema meuli marjan
Ngan abi mah henteu resep
Ari niat hayang jajan
Ngan keur inget kanu kasep
Mia jeung Dadan               :
Cieeee... kiw kiw
Ucup (Wizdan)  :
Penontonnn.... penontonnn.. waler ulah? Cing yeuh ku si kasep cuang waler.
Aceng teh meuli nu amis
Gumasep ningal neng iceu
Neng geulis mani manis
Si kasep aya didieu
Mia (Trie)         :
Adi abi ical ali
Keur mang Asep meuli huut
Abdi mah karek ningali
Kasep-kasep nguseup belut
Dadan (Fikri)    :
Itu saha nu keur papang
Bari mawa mawa pare
Itu saha nu keur leumpang
Bari mawa sapu nyere
Ucup (Wizdan) :
Dan kabur dan indung urang datang.. (bari ngaburiak)
Dadan (Fikri)    :
Halah siah geus kabur-kabur.
Indung Ucup (Salma)             :
Dititah balik ku ayah
Kalah indit ka cipesut
Dititahna meuli uyah
Kalah indit nguseup belut
Dieu siah budak, ema ngadadago geus puguh keur masak
Mun indit ka Cimari
Sok hese pas di Citatah
Mun budak jaman kiwari
Sok hese dititah-titah
Bener teu penontonnn.... dasar budak jaman now




No comments :

Post a Comment